Sabtu, 19 Maret 2011

DIANGGAP MADU PADAHAL RACUN

"WILUJENG MACA WILUJENG  PIKIRAN KU SALIRA" wkwkwkwkkw.....

Masih loba masyarakat nu sok nyarieunan sasajen....nyinanahaonan eta teh, teu ngarti uing mah.contona we..keur ngala pare, acara ngaruat lembur, nu maoteun, nu orokan,  nyieun imah, ..jeung sajabana. pas di tempo ku kuring eusina eta sasajen aya sangu congcot,aya endog......(sakalian munmah ndog munding nu gede, kagok ndog hayam mah leutik teuing)..., aya cabe beureum cabe hejo, aya kopi pait, aya rokok...loba rupana....lah pokonamah mantak lieur mun di itungmah..ngan euweuh duit wungkul, mun aya da ku uing ek di cokot eta duitna...mubah  euy.Pernah tah...kuring balanja ka hiji warung, pas nempo aya nu ngagantung dina luhur lawang...di bungkus ku plastik herang, pas di dempo di ileng ileng, eusina teh aya aksara araban aksara arab gundul jeung aya huruf arab anu di jungkar jungkir di bulak balikeun, pokonamah nempona lieur teu ngarti eta bahasa naon,,jeung di selipan samodel jarum.Kuring nanya ka eta tukang warung," mang ari eta teh jang naon...?" jawabna :" eta teh jang penjaga imah" ...kuring na hate ngomong,:"lah...na jang naon nu kitu,,,barakaya sieuneun kitu jurig kunu kitu,,,nu aya oge kalah resepeun...heuh,,,tulung- tulung."....Tuluy kuring pernah manggih deui  sasajen anu aya di sisi sawah, tah etamah aya rokok warnana beureum. Kuring panasaran,, na rokok naon eta beureum kitu,,bakat ku panasaran hayang ngasa'an, ku kuring rokok di udud,,,anjiir...paiiiiiit.....kuatka utah utahan...na ek beukieun nu kieu jurig...ku kuring ge pait...har teung....wkwkwkwkkwk. Jeung deui anu teu ka harti teh ku kuring teh, eta jalma anu daek ka olo ku Dukun,  jeung deui ayeunamah loba Dukun anu berkedok Ajengan atawa ustajah. Pernah di daerah kuring kadatangan jalma anu ngaku bisa nyageurkeun sagala panyakit, di antarana anu lumpuh bisa tuluy lumpat, anu mandul bisa boga anak, anu burung bisa jadi cageur,,,,jeung loba deui pokonamah kabisaana. Pas ngadenge bisa sagala oge, kuringmah geus teu percaya. Sok sanajan ceuk batur,... etamah da ajengan piraku ngabohong jaba geus haji deui. Jeunteuing sing haji oge da kuringmah teu percaya jeung teu ka harti. waktu harita loba jalma nu ngagimbung salapang rek menta ka eta dukun (dukun palsu coy...wkwkwkwk),,hampir-hampiran kolot uing ge rek menta tatamba ka eta jelema, untung we geuwat di caram ku....na ek nyinanaonan tuda, rek ka olo....beuh. Tah harita loba nu tatamba, mani kanjat pinuh salapang....ku teu ngarti namah, kuat ka haji jeung ajengan oge percaya ku eta jelema...da meureun mantak ka olo eta jelema pinter...apal kana bag-bagan agama jeung alus cara ngomongna jiganamah....teuing tapi mun make hipnotis sa eutik..hehehe. Tah nu akhirnamah harita loba weh nu haranjakaleun.....puaaaaaaaaaaaassss...ka olo....wkwkwkk.

Aya deui......pan ari kuring teh sok hayang  ngoleksi barang-barang antik/bersejarah jeung anu ku batur dianggap mengandung magis atawa aya hodaman cenah,,,pas harita aya nu bogaeun keris, kujang tumbak, jeung kujang tah sabab hayang ngoleksi eta keris ku kuring ka maranehna di penta tapi teu di bikeun euy,,ek di beuli teu di bikeun deu......hihhh....i.Ula cenah..da moal di bikeun ieumah karuhun...na aya kitu karuhun keris...waduh tulung-tulung. Ngomongnamah masih keneh osok di rawat, ngarawatna unggal poe juma'ah kaliwon...pangna teu di bikeun cenah bisi ngamuk eta keris , bisi ngadatangkeun mamala kanu di imah. Uingmah teu sieun keris ngamuk...leuwih ngamuk keneh uing da darpadai kerismah. Mun keris ngamuk, amukan deui eta keris...beuebutkeun boh beuleum..wkwkwkwkw. Eta jalma jigana masih sieun pirage kanu kitu...tong sieun sieun kana eta keris...cenah eta keris aya hodaman...naon sih ari nu ngarana hodam..?. ceuk kuringmah nu ngarana hodam jigana jin anu cicing dina eta keris...meureun eta ge.Mun nu ngaran hodam emang jin, na sieun sieun teuing,,,atuh....ayeuna mun eta jin ngamuk, tinggal ngado'a ka Allah SWT titik teu make koma...."LAHAOLA...WE ATUH......TEU AYA DEUI KAKUATAN ANU LEUWIH DAHSYAT ANGING KAKUATAN GUSTI ALLAH SWT."....

Tah aya deui pingoboseun teh.....loba keneh da caritaan kuring mah...hehehhe.Tah ieumah masalah jimat, Loba keneh jalma nu sok ngagunakeun jimat, keris anu leutik anu sok bisa di pesakan, buli-buli,rantai babi, awi petuk, jenglot, isim,...sok sanajan eta isim teh lapad al-qur'an..montong eta teh...hahahha, tuluy weh batu ali, tali roma....(kuring make batu ali lain jimat tapi pedah ku resep makena...hehehhe...), jeung deui  eta nu kararitu teh aya nu di bere ti Ajengan....beuki teu ngartii..ah....

ke tuluykeun deui ah...cape ngetik